2 Contoh carpon bahasa sunda Budak Pahatu jeung asal muasal cai laut asin

Budak Pahatu


Jaman baheula aya dua budak pahatu, lanceukna lalaki,ari adina awéwé. Imahna deukeut hiji leuweung anu loba tangkal bubuahan nu ngarareunah, kayaning pari, kupa, pining, jeng saliana.

Dina hiji mangsa barudak téh rék ngala buah kupa ka leuweung. Barang dating ka leuweung, lanceukna nyarita, “Nyai, Akang rék ngala bubuahan, ku Nyai pulungan!”

Linggih heula : Dongeng basa sunda 

2 Contoh carpon bahasa sunda Budak Pahatu jeung asal muasal cai laut asin


“Heug,Akang” ceuk adina.

Térékél budak téh naék. Barang keur jongjon ngala kupa,léor aya oray sanca nyampeurkeun adina anu keur diuk nyanghunjar nyarandé kana catang.

Gep oray téh ngégél kana sukuna. Budak téh ngahariring ngawih.

“Kang tulungan, Kang tulungan! Aya anu gagarayaman kana bitis jeung ngégélan cing geuwat kuring tulungan!”

Usap baé, Nyai, meureun sireum!” ceuk lanceukna.

Budak awéwé téh sapanjang bisa ngomong kénéh mah teu eureun-eureun ngawih ménta tulung tapi ku lanceukna teu ditolih, marukankeun sireum baé. Tungtungna leg baé budak téh diteureuy buleud, tuluy oray téh asup ka leuwi.

Lanceukna reuwaseun naker sabab adina teu kecét-kecét. Manéhna tuluy turun, sanggeus di handap reuwaseun pisan sarta nyangka yén adina dihakan oray. Tulut disused tapak oray téh. Kabeneran barang datang kahiji tempat kapanggih oray keur gulang-guling baé teu bisaeun indit. Budak lalaki ngadéngé manuk haur disada, pokna “Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih.”

Teu talangké deui beuteung oray diturih. Goréhéh téh adina kapanggih tina jero beuteung oray, terus dibawa balik. Barang datang sok adina téh digolérkeun di tengah imah, ku manéhna digeberan bari ngawih.

“Geber-geber hihid aing

Hihid aing kabuyutan

Titinggal nini awaking”

Kerenyed suku budak téh usik. Pok deui lanceukna ngawih. Kerenyed deui awakna usik. Kitu baé satuluyna, nepi budak awéwé téh hirup deui.

(Sumber: Panyungging Sastra 1978, Kénging Yus Rusyana)

Cai Laut Asin


Keur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngaranna Aji, ari nu bungsu Oji.

Ki Aji ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Oji mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh.

Hiji poe Ki Oji nginjem beas ka Ki Aji can geh dibere kalah geus dicarekan. Untung pamajikan Ki Aji karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Oji sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Oji balik ditengah jalan patimu jeung aki-aki awakna begang lempangna teu puguh atu karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng.

Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh indit aki-akit eh mere jiman ka Ki Oji mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ca kaki-aki teh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik.

Pondok carita Ki Oji geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah.

Barang Ki Aji ngadenge adina beunghar manehna seuri , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Aji datang Ka Oji, ku Ki Oji dicaritekeun kabeh ka Ki Aji carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas.

Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Aji menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Aji poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin. 

Lajeung kanu sanesna : Carpon bahasa sunda tukang peuyeum jeung fabel
                                 : Si Kabayan guyon
loading...

Post Anu Sanesna: