Carpon basa sunda anu enggal si kabayan guyon

Carpon si kabayan jeung pais tahu


Mun nyahoeun carita ieu..si Nini mah sok ngambeuk...

Baheula..anyaran kawin...

Ari si Nini mah tara olo-olo jiga nu lian...enya gé masih pangantén anyar si Nini mah masih getol kasawah....

Nya kacaritakeun harita téh poé minggu kakarék tilu poé ti poéan kawin...

Si Nini janari kénéh geus uprak-eprek di dapur, tara tisasari...

”Néng, nuju naon?” ceuk Abah (Baheula mah Abah nyebutna Enéng da puguh masih keneh geulis karek 17 taun...)

"Nuju ngadamel pais tahu Kang!” ceuk si Nini..sorana masih halimpu..mun ngadéngé sora si Nini baheula mah, pasti loba lalaki kapincut..

Abah:”Meuni kersaan wayah kieu Neng....teu tiris?” ceuk abah semu ngaheureuyan..

“Henteu Kang..pan Engké siang badé kasawah, Néng téh dipiwarang ngabedug ku Mang Junéd” (Ayeuna –mah geus jenatna Mang Junéd téh da geus tutup umur sababaraha taun katukang)..

Pondok carita..panon poé geus pucunghul ti beulah wétan..geus rada haneut moyan..karasa beuteung téh asa lapar..Inget kana pais!!...

Rék bébéja ka Pamajikan da keur nyeuseuh di walungan Cilampeni...

“Ah cokot wé da meureun pamajikan masak téh jang saha piraku teuing jang batur...!!” pikir abah harita

Barang di tempo, geuning ngan hiji nyieun paisna téh... “beu meni ngirit-ngirit teuing... ah kembaé da beuteung teu kuat kekerbekan hayang dieusian....!!”
celebek wéh abah sasarap.. teu karasa éta pais téh ku Abah dihanca nepi ka béakna....

Ari barang geus béak..torojol wéh jang mamat..”Mang...pais tahu titipan Ki Junéd parantos asak...?”
Asa kacéntar gelap ngadéngé jang Mamat nanyakeun pais tahu nu geus béak didahar ku Abah tadi...

“Ké Jang..ku Mamang di anteurkeun kaditu...acan asak karék satengah mateng!” ceuk Abah ngawadul.

“Enya atuh Mang...” léos weh Jang Mamat...rada tenang haté abah sanajan bari rénghap-ranyug ogé..

Ngadak-ngadak Abah téh hayang béol...indit wéh ka pacilingan bari mikir-mikir geusan kumaha sangkan éta pais tahu téh bisa aya deui.... rék dipunurkeun waktu da moal mungkin...

Teu lila mikir....jol datang idé teuing timana datangna “Tadi..nu di lebok ku Aing téh tahu..ayeuna Aing keur miceun..geus pasti tahu deui nu kaluarna”... kitu pikiran Abah harita..nepi ka ku abah pamiceunan nu abah téh diwadahan kana piring, terus dibungkus ku daun cau..terus wéh di pais nepi ka asakna...

Teu kungsi lila torojol deui Jang Mamat “Mang pais téh parantos asak.. ceuk Ki Junéd meuni asa lami-lami teuing!!” ceuk Jang Mamat bari laga na téh di pantes-pantes jiga Mang Junéd..da dina sapameunteu Abah mah Mang Junéd téh gédé ambek.

“Kéla tungguan Jang, da tadimah kacirina geus asak!!”..bari kadapur nyokot pais meunang Abah téa..

Sabenerna hatémah deg-degan inggis katohian ku Mang Junéd yén pais nu rék didahar ku manéhna téh kungsi ulin heula dina beuteung Abah....

Caritana dibikeun éta pais téh ka jang mamat, terus dibawa ku Jang Mamat ka Mang Junéd...

Teu sababaraha lila tidinya....na atuh éta Mang Junéd ti kajauhan kéneh kerung bari néngténg pacul..ceuk na pikir ”Tuh..da bener...CILAKA! katohian......paéh kuring!!!!”

Karék gé rék lumpat..ti kajauhan geus di calukan

“Kabayan!!....Kabayan!!..kadieu siah!!!”

“muhun Mang, ké antosan sakedap” teu tulus rék kabur téh...”Ah kembaé...rek dilawanan wéh mun Mang Junéd nepi ka hanteu-na nakol ku pacul..na da kuring gé boga ari karék élmu silat mah!” ceuk na pikir bari ngadeukeutan Mang Junéd.....

Ari geus pahareup-hareup ceuk Mang Junéd “Ngeunah pisan jang pais tahu téh...mirasa!!...Emang neupi ka rék béak sangu saboboko ...éta ku pait peuheurna..!..béjakeun ka pamajikan isukanmah paria-na tong loba teuing!..” bari ngaleos..

Abah mah ngusapan dada wéh bari ngomong di jeuro haté “Salamet...salamet!!!”

Anu sanesna : Kumpulan carpon ( carita pondok ) bahasa sunda




Carpon basa sunda anu enggal si kabayan guyon

carpon si kabayan panggih jeung kunti

Harita malam Jumaah kliwon bari poék mongkléng, Kabayan (Adi abah) ngaliwatan tangkal randu nu aya di pangairan...harita manéhna rék indit ka dayeuh bari ngagoés sapédah ontél.

Ari belegbeg téh aya kunti ngajirim handapeun tangkal randu, buukna rewig maké baju bodas carang.

Dasar si Kabayan, manéhna can pernah panggih jeung kunti, disangkana éta Nyi Kunti téh awéwé beleger... dideukeutan éta kunti bari pok nyarita “Néng nuju naon wayah kieu wawantunan nyalira dinu poék, ....teu siuen jurig?”..

Éta kunti ngajawab “Pan kuring jurigna, naha manéh teu sieun!”

“Ulah munah-manéh, akang kituh supados kadanguna romantis!” kituh ceuk si Kabayan bari seuri hayang katanggap tiditunamah.

Nyi kunti héraneun..naha ieu jalu téh teu sieun ku jirim-na, teu panjang pikir nyangka Nyi kunti si Kabayan téh sajenis jeung manéhna matak jol seuri nyikikik...”geuning teu disangka-sangka panggih ogé jeung kunti nu jaluna”, ceuk pikir Nyi Kunti.

“Néng, tos tuang teu acan??” si Kabayan nanya...

“Teu acan kang!”, ceuk kunti jiga nu manja...

“Hayu atuh urang tuang jeung Akang di warung ceu kokom!” ceuk si Kabayan ngolo.

Teuing ngimpi naon éta Nyi Kunti, neupi ka rék di traktir ku si Kabayan..

“Mening di léstoran kang!, tos lami abdi teu tuang di léstoran!!” ceuk Nyi Kunti .

“Hayu atuh, Enéng di boncéng ku Akang” ceuk si Kabayan bari séséréngéhan...

Sa enggeus tepi ka léstoran, nya puguh éta Nyi kunti asa ditonjok congcot, jol anekak hareupeun meja nungguan pesenan. Nya saha deui nu mesen ari lain si Kabayan mah...

“Neng, hoyong naon?” ceuk si Kabayan

“Kasedep Enéng mah, pais hayam, balakutak, sate, rolade,.........” ceuk Nyi kunti ditataan hiji-hiji nepi ka aya dua ratus rupana....

Ningali pesenan nu sakitu lobana, rada jangar otak si Kabayan kusabab dina sakuna ngan aya duit sapuluh rebu ... nepi antukna manéhna sadar, yén nu diajak dahar téh sihoreng jurig kunti...tapi teu éleh gélé barina gé da can kanyahoan ku Nyi Kunti

“Gelo..pantesan sagala di tata, geuningan nu ajak dahar ku uing téh jurig kunti kalaparan...Aing kudu gancang-gancang kabur, saméméh katohian!” ceuk gerentes haté si Kabayan

Ngadak-ngadak manéhna boga idé.....

“Neng, Akang badé kapengker heula nya...teu kiat hoyong miceun!!” bari api-api kuram-kireum

“Mangga Kang!” ceuk Nyi Kunti teu aya curiga....

Lila Nyi Kunti nungguan si Kabayan balik ti cai, nepi ka aya dua jam-na... antukna nu boga restoran nagih, da puguh kaciri geus béak pabalatak urut tuang Nyi Kunti...

“Ké Ceu...!! ngantosan nu nraktir abdi nuju ka cai heula sakedap” ceuk Nyi kunti ku can aya curiga kénéh.

“Lalaki Nu sareng Enéng tadi?” ceuk nu boga restroan, ‘unggeuk’ Nyi Kunti téh bari rada kesel.....

kabayang wéh nungguan bari diuk dua jam teu nangtung-nangtung..... mun jeleuma mah geus meureun singsireumeun...untung JURIG!

“Si Ujang nu jeung Enéng mah tatadi gé geus balik, malah lumpat ngaberebet jiga nu diudag anjing!!..tuh sapédah na gé tinggaleun!” ceuk nu boga restoran ngabéjaan...

“Kacida teuing éta si akang, rek nipu kuring meureun...untung kuring masih boga kénéh duit sésa kamari!” ceuk Nyi Kunti ngubaran manéh.

“Sabarahaeun kabéhna Ceu??” ceuk Nyi Kunti ...

“Sa juta dua ratus-eun Neng!”, ceuk nu boga réstoran, da puguh nu dituang ku Nyi kunti mah hampir kabéh kapapay...

“Oh... untung aya dua juta deui”... ceuk Nyi Kunti bari ngahelas...

“Ieu..ceu angsulan dalapan ratus!” bari ngaluarkeun duit...

“Duit naon ieu?? Ieu mah daun karakas lain duit!!... nu beneur atuh néng bisi dilaporkeun ka pulisi!!” ceuk nu boga réstoran ngambek..

Sihoréng duit nu dipaké ku kunti mah geuningan tina daun karakas..... nya uguh moal payu rék dijajankeun di alam manusa mah...

Ku sabab éta Nyi kunti teu bisa mayar urut dahar-na...nya kapaksa Nyi Kunti meunang hukuman ti nu boga réstoran, nyaeta dititah ngumbahan wadah hsabregbregan neupi kabérésna.........

Kacaritakeun...sababaraha poé ti éta kajadian...si Kabayan ngaliwat deui ka tangkal randu tempat ngancikna Nyi Kunti...ngan Nyi Kunti geus teu kaciri deui jirimna..da sihoréng tangkal randu-na di sita ku nu boga réstoran.. nu antukna Nyi Kunti jadi béré maén di hareupen alun-alun Bandung....

Karunya teuing Nyi Kunti...na nasib téh meuni goréng-goréng teuing....

Sakitu carpon bahasa sunda anu tiasa kapihatur kirang langkungana nyuhunkeun dihapunten, mugia janten panghibur.haturnuhun

Lajeung kanu sanesna : carita sunda fabel
loading...

Post Anu Sanesna: