Dongeng sunda fabel japati sireum jeung karajaan sato

Dongeng mangrupakeun salah sahiji bentuk sastra sunda, nu umumna ngandung unsur pamohalan ( henteu lebeut ku akal ), boh tempat, waktu sareng tokoh caritana.

Dina Sastra Sunda, dongeng aya sababaraha rupi jinisna, diantarana:

1. Dongeng Fabel (sasatoan)

Eusina nyaeta carita sasatoan nu tingkah lakuna digambarkeun mirip manusa. Conto: Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet, Peucang Keuna ku Leugeut, dll.

2. Dongeng Parabel

Carita ngenaan tingkah laku jalma nu teu umum (benteun sareung anu sanesna). Conto: Si Kabayan, Si Lamsijan, Abu Nawas, dll.

3. Dongeng Sage (babad)

Dongeng anu nyaritakeun tokoh hiji pahlawan. Conto: Prabu Siliwangi, Kéan Santang , dll.Legenda (saskala)

4. Legenda

Carita nu medarkeun sasakala atawa asal muasal hiji tempat, sato jeung sajabana. Conto: Sasakala Gunung Tangkuban Parahu, Situ Bagendit, dll

5. Mite

Dongeng anu ngenaan atawa aya kakaitan jeung mahluk gaib atawa halus. Conto: Nyi Roro Kidul, Sundel Bolong dll. 


Dongeng sunda fabel japati sireum jeung karajaan sato

Japati jeung sireum sosobatan


Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu lebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay kasisi mah teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep tulungan ”.

Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai.
Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar. Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh.Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.

Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan.
Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna.

”heh japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.”
Panigaran geus ngawengkang bedilna. Tapi japati kaburu geleber hibeur.
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati ” Nuhun pisan sakadang sireum, kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.”

Jawab sireum ” is eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.

Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu akur jeung silih tulungan.

Dongeng sunda fabel karajaan sato


Numutkeun hiji katerangan mah jaman baheulana sasatoan téh kabeh bisa nyarita saperti jelema, katurug-turug boga karajaan sorangan gabungan sasatoan. Ari anu jadi rajana nya éta sakadang macan. Raja leuweung nu pohara pikagilaeunana tapi bijaksana.

Dina hiji poé di éta nagara sasatoan téh, aya anak séro keur anteng ulin, torojol aya kuda nu kaparengan liwat ka éta tempat. Kalawan teu dihaja, éta anak séro téh katincak ku kuda da beungeut kuda kaeurad ku rambat lancah nu aya hareupeunana. Bari teuing ti mana béejana éta kajadian téh éar saharita yén anak séro katincak kuda nepi ka hanteuna. Teu lila indung séro laporan ka raja. Harita téh pareng merbayaksa masualkeun perkara katincak anak séro.

Teu lila, raja mariksa kuda kalawan sora wibawaan.

“Hey kuda bener anjeun geus boga dosa nincak anak séro? Ceuk raja.

“Dawuh Gusti abdi teu rumasa lepat margi pangna abdi nincak anak séro abdi nuju leumpang panon abdi tikudawet ramat lancah nu ngahaja dipasang di jajalaneun. Tuh nu lepat mah lancah juragan.”

“Bener séro, nu salah mah lain kuda tapi lancah. Lancah, naha bener manéh masang ramat di jalan?” ceuk raja ka lancah.

“Leres ari masang ramat téa mah. Ngan sanes badé ngajaring kuda, tapi keuheul ku papatong bongan gawéna ngan ngéngklak baé ngigel ku abdi badé dijaring. Janten nu lepat mah papatong,” ceuk lancah.

“Bener manéh papatong gawé nga ngengklak baé? Ngigelan saon?

“Nun abdi Gusti teu lepat da abdi mah ngigelan bangkong bongan teu eureun ngendang baé, nya ku abdi diigelan, jadi tuh nu lepat mah bangkong.”

“Bangkong, naha manéh make ngendang baé?”

“Gusti abdi teu lepat da abdi mah sanes ngedang tapiu seuri, nyeungseurikeun tutut da mani agul boda imah gé ngan dibabawa baé ka mamana.”

“Tutut, bener manéh ngan mamawa baé imah, naon sababna?”

“Abdi mamawa baé imah téh sabab abdi sieun ku cicika, sieun diduruk da mamawa baé seuneu.”

“Hey cicika, naha manéh mamawa baé seuneu enya rék ngaduruk imah tutut?”

“Gusti, abdi mamawa seuneu téh abdi mah néangan keuyeup bongan sok ngorowotan baé tambakan balong, upami ku abdi dicaangan mah liren ngorowotan tambakanana téh.”

“Keuyeup naha manéh sok ngorowotan tambakan balong?”

“Nun Gusti, abdi teu lepat da abdi mah ngorowotan tambakan balong sotéh keuheul ku lauk asa kapuji sing jareprét teu kaop aya cai, matak ku abdi disaatan caina ngarah teu asa kapuji teuing.”

“Lauk emas naha manéh make sing jarepréet baé teu kaop aya cai? Sok jawab naon sababna?”

Lauk emas ukur ngabigeu, manéhna malah ngahuleung. Atuh puguh baé raja beuki ambek. Tungtungna lauk emah téh diprékprék ku raja.

“Tuh séro pék hakanan lauk emas ku manéh itung-itung ngagantian anak manéh nu katincak ku kuda,” ceuk raja bari ambek kacida.

Nya ceuk ujaring dongéng, ti harita séro téh sok ngahakanan lauk dibalong.

Lajeung kanu sanesna : Kumpulan carita sunda bikin ngakak
                                   Tatarucingan sunda jorok
                                   Carpon sunda budak pahatu
                                   Carpon bahasa sunda legendaris si kabayan
                                   Dongeng bahasa sunda talaga warna
loading...

Post Anu Sanesna: