Puisi jeung pantun lucu bahasa sunda

Ayeuna admin bade nunjukeun conto puisi sareng pantun lucu nu dipedarkeun ku basa sunda dicutat tina rupi rupi sumber.mangga wae dititenan..

Puisi jeung pantun lucu bahasa sunda

#.1 

Hirup

Hirup teh cita-cita
ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh tunggara
upama tresna kalid sulaya
Hirup teh seuneu
nu ngaduruk lulurung sukma
Hirup teh ibadah
rela ihlas ngumawula
Hirup teh aci-acining Bagja!

Kenging ceu Chye Retty Isnendes

Ayeuna

Jeujeur harupat tuluy ngipisan
indung suku tuturut peot
awak jadi budak
waragad teu walakaya
geuning teu di kawit teu di pungkas
kokojayan dina lantaran
sebrot hareudang hiliwir angin
ngalengkah numut sarangenge
los kaditu los kadieu
ngarenghap tuluy hah heh hoh
mmm, ngajerit diudag seuri
nya ayeuna mah ayeuna…

Bulan ngalimba

sanajan bulan tumunggal
caangna mah bati nu hegar
bangun nu teu ngemu tunggara
sanajan bulan nyorangan
teu risi ngambah sagara peuting
nganti bentang nu baris marengan
nganteur nyorang simpena peuting
nepi ka balebat nyampeur
nyinglarkeun kahieum ati
antara bandung madiun

#. 2

Hate mah lir kila-kila simpena langit
Meusmeus muyung tungtung layung
meusmeus melang ku hariwang
Piligenti ngagali wanci
silih bintih nurih kapeurih
Nya ayeuna pisan,ngintun harepan
Sanajan kawilang melang ku anggang
Sanajan astra waruga teu karampa
Nyuuh kalbu mah rengkuh sasadu bilih bendu
Duh, kacipta … linggih ka nu tebih
Nyelang nganjang ngahaja ngaraksa beja
Sungkem nepangkeun diri nu pikakeuheuleun
Salam baktos rumaos tos tega basa
Hate mah lir kila-kila langgam cai
Sakapeung kiruh ku kalepatan
Sakapeung ripuh ku kaayaan
Ngalayah ngabedah sasat ku saat
Silih tindih ngagerih garing kasedih
Nya ayeuna pisan,nyanggakeun kawih kaasih
Sanajan teu nikreuh longok jonghok
Sanajan teu nikreuh ngagandong landong
Mung bingah gumulung najan teu tepung
Duh, reueus ngadeuheus ungkara cinta
mahugi ati ngamumule hate
Meungpeung geugeut sangkan nineung
Kahatur pidu’a mugia bagja tur waluya…


Pantun sunda lucu


1. ngaborong doran jeung hayam
    diparaban sampeu atah
    wilujeng boboran siam
    mugi urang wangsul fitrah
2. boh bilih ngical kalapa
    candakna nganggo carangka
    boh bilih kalindih murka
    muga kersa ngahampura
3. boh bilih ka Sukajadi
    ulah hilap meser roti
    boh bilih kalangsu dengki
    muga kersa ngamaklumi
4. salami di Sukajadi
    teu ningalkeun kuring salat
    Salami urang pahiri
    urang silih pundut maaf
5. lamun kuda mirip itik
    loba jalma lalumpatan
    salami urang kumelip
    tangtos seueur kalepatan
6. cecendet mande kiara
    dijualan make panci
    mugi kersa ngahampura
    kuring kungsi ingkar janji
7. mun cecendet mande kiara
    gera cokot hiji-jiji
    mugi kersa ngahampura
    kuring kungsi nganyenyeri
8. mun indit ka Sukmanah
    ulah poho ka Pa Lurah
    mugi anjeun jembar manah
    sabab kuring niat pasrah
9. hirup kumbuhna manusa
    tangtu kungsi haramjadah
    kuring pasrah tumarima
    laku lampah teu merenah
10.meuli kacu ejeung gincu
    mawana bari disuhun
    rumasa ngagugu nafsu
    matak kuring nyuhun ampun

Lajeung kanu sanesna : Tatarucingsan sunda jorok
                                   Kumpulan carita sunda lucu
                                   Carpon bahasa sunda
loading...

Post Anu Sanesna: