Kumpulan conto banyolan urang sunda

 #.Wasiat Icih

Na hiji mangsa Icih nu keur geuring ripuh wasiat ka salakina (Udin)
Icih : "kang lamun nepikeun kuring maot pek akang kawin deui, tapi mun taneuh kuburan kuring geus garing"
Udin : "akh nu beneer??" (bari semu atoh)
Icih : "bener, tapi aya syaratna kang.."
Udin : "cik cik naon syaratna teh ??"
Icih : "kuring mah ngan menta pang manyurankeun kuburan kuring we sapoe 6 kali."
Udin : "naaa ari maneeeh...iraha aing kawin na ari kitu mah"

Kumpulan conto banyolan urang sunda


#.Ucil jeung nini Uti

nini Uti : "geus dimana jang, mani ginding kitu??"
Ucil : "tos ameng di bumi pa Lurah ni.."
nini Uti : "kawas nu wawuh we ka pa Lurah maneh ?!"
Ucil : "ih ari nini, panan pa Lurah teh dulur uing !!"
nini Uti : "piraku?? nu bener?? kakarek apal nini mah, kapi naon kitu ka pa Lurah teh ??"
Ucil : "kieu ni panca kaki na mah.......ucing uing teh anakna ucing pa Lurah. (bari ngoleos)
nini Uti : "@#%&??? nya ceuk aing oge budak eta mah gelo..(#neureuy sisir)

#.Kejutan
Udin meuli imah gedong nu agreng, kulantaran hayang mere kejutan ka pamajikan na, harita panon Icih di tutupan ku samping di bawa ka imah anyar.

Icih : "rek dibawa kamana kang Icih teh make ditutupan sagala??" (heran)
Udin : "pokonamah turutan we akang rek bikin kejutan keur nyai..(ngajelaskeun). Taaah geus rek nepi nyi ( bari mawa Icih ka ruang tengah)"
Icih : " kekee Icih hayang nginum kang..(api-api ngarah salakina nyokot cai)"
Udin : "nya geus ke akang nyokot cai heula nya, tapi omat tutup panon tong waka di buka sa'acan aya parentah ti akang nyaa??"

padahal Icih hayang hitut titadi barang Udin nyokot cai..

preeet..prepet..prepeeet..aaahh lega dunya karasana ceuk Icih (nyekelan beuteung)
Udin : "yeuh cai tea nyiii (ngasongkeun)"
Icih : "ah hayang cai kopi Icih mah kang (api-api deui padahal hayang hitut deui)"
Udin : "Ok aya tenang nyii (deregdeg ka dapur)"
Icih : "duuut..preeet aaah aya ku nikmat"
Udin : "yeuh cai kopi teh nyii...tah ayeuna tutup panon bisa dibukaa 1..2..3 (muka tutup panon Icih)"
Icih : "waaaaw ari ieu imah saha kang ??" (luak lieuk tuluy ngalieuk katukang ari breh teh katempo aya mitohana di tukangeun keur nutupan irung)

Icih tuluy nanya keur nutupan ka era
Icih : "aeeeh geuning aya abah sareng ema, tos lami abaaaah...emaaa?? (sasalaman)"
Abah : "aaah teu lilaa basa maneh hitut nu mimiti teageee abah jeung ema geus aya didieu (baeud)"

Tujuh banyolan atu humor dihandap ieu dicutat tina buku karangan Ajib Rosidi berjudul Seuri Leutik. Ajib Rosidi adalah sastrawan senior yang pernah menjadi direktur Penerbit Pustaka Jaya dan Ketua IKAPI (Ikatan Penerbit Indonesia).

1. Henteu Bogaeun

Aram nyarita ka Udi, “Karunya ku si Badu, kakara tanggal 3 geus teu bogaeun duit sapuluh rebu sapuluh rebu acan”.

“Naha nginjeum kitu ka ilaing?”

“Henteu. Ngan tadi basa dewek rek nginjeum duit ka manehna, cenah teu boga. Duit gajihna geus ambring.


2.Kabiasaan

“Ari maneh, naon sababna ari ditanya ngawalonna ku nanya deui?

“Naha henteu meunang kitu? Naon sababna?


3. Teu Kudu Dimandoran

Adil: “Euy silaing mah henteu kira-kira. Pamajikan disina migawe sagala rupa pagawean di imah sorangan bae: nyangu, nyeuseuh, sasapu, ngurus budak.... Ari ilaing kalah ulin teu uni!”

Diwalon, “Da pamajikan dewek mah geus hideng, henteu kudu dimandoran. Geus biasa sagala pagawean ditangkes ku manehna sorangan”.


4. Tolol

Gapur nyerenteng ka Tasim bari ambek, “Nanaonan maneh teh kamari carita ka dunungan yen dewek tolol?

Tasim, “alah punten bae. Sugan teh sanes rasiah!”


5. Nu Matak Henteu Dugul

Sastra ngagidig kaluar ti kantor, ditanya ku Bapa Kapala, “Rek ka mana, Sastra?”

“Bade dicukur,” walonna

“Naha dicukur dina waktu ngantor?”

‘Atuda buukna ge apan manjanganana dina waktos dines.....”

“Enya tapi apan henteu kabeh manjangan dina waktu di kantor, keur di luareun kantor oge buuk maneh teh terus manjangan”

“Nu mawi henteu didugulan.....” walonna bari terus ngingkig ka luar

6.Lamun

Neng Astri nganteuran tuang siang ka ramana anu ti isuk keneh ngedeluk nguseup di Talaga Sangiang.

“Kumaha Pa? Tos kenging sabaraha nguseup teh?” manehna nanya

Diwalon ku ramana, “Lamun anu ieu beunang serta ditambah tilu deui, poe ieu Bapa baris meunang opat.....”


7. Hayang Teu Gawe

Waktu keur ngilikan model komputer anu anyar, nu dagangna nyarita ka Tisna, “Model enggal teh. Upami ngagunakeun komputer model eta padamelan baris ngirangan satengahna”.

“Enya?”

“Leres pisan”.

“Ari kitu mah meser dua!”


Sumber cerita: Ajib Rosidi, 2008, Seuri Leutik, Kiblat, Bandung

Singkatan - singkatan anu dibanyolkeun.


Ojeg: Ongkos Ngajegang

Korsi: Cokor di Sisi

ATM : Artos Tina Mesin

WC : Wayahna Cingogo

CLBK: Coba Lamun Boga Kabogoh

SMS : Susuratan Mahi Saeutik

Sukro : Suuk di jero

Bonus: Bosen Nungguan Salaki

Jelema: Merejel ti Ema

Pengacara: Pengangguran Loba Acara

PVC : Pipah Varanti Cai

Narkoba: Nasi Rames Kopi jeung Bala-Bala

PIN : Pribados Identitas Nomer

UTS : Ujian Teu Serius

PO BOX: Dipoyok Dilebox

STTB: Sakola Tamat Tapi Belegug

BBM: Bahan Bakar Mahal

Dasi : Dina dada ngarah aksi

ABG: Asa Beuki Gendut

LGBT: Lalaki Ganteng Beuki Tutut

Bimoli: Bibir Monyong Lima Senti

Semah: Ngahesekeun nu boga imah

KO : Keok Oge

BPKB: Beungeut Polos Kalakuan Buraong

S3: saban Saptu Setor

HP : Harewos Patebih

Tawadu: Tara Mawa Duit

Antapani: Antara Cinta Tapi Euweuh Kawani

Cipadung: Cita-Cita Papah Hayang Nyandung

STMJ: Semester Tujuh Masih Jomblo

DP : Duit Pamanjer

PKK: Pamajikan Kurang-Kerung

Bohay: Boro-Boro Hayang

CCTV : Camera Cicing Tiluhureun Vanto

L : Logor

M : Meujeuhna

S : Sereg

XL : Xacida Logorna

OTW : Oke Tungguan We

GBHN : Gede Bujur Hese Nangtung

SOS : Salametkeun Oge Sadayana

UUD: Ujung-Ujungna Duit

VIP : Venting Ieu Pisan

VVIP : Vang Ventingna Ieu Pisan

GWS: Gering Wae Silaing 

Lajeung kanu sanesna : Carpon bahasa sunda
                                   Kata kata sunda lucu pisan
                                   Bobodoran sunda cangehgar
                                   Puisi lucu sunda
                                   Tatarucingan bahasa sunda
loading...

Post Anu Sanesna: